Karya Raksa Ligar (Sunarya)
Aya Nagara di jero Nagara.. Nagara newakan rakyat sakaba-kaba.
Demi kapentingan jeung kawasa, Kahormatan nagara dijieun nista...
Aya nagara di jero nagara. Nu miskin ditewak jeung disiksa. Nu licik durjana bebas melanglangbuana..
Demi kursi jeung mahkota. Nagara nyieun rahasia jahat ti rakyatna..
Aya Nagara di jero Nagara. Nagara ngacak-ngacak parpol jeung simbol demokrasi untuk rakyatna..
Demi kekuatan dan Kawasa, Nagara rela dijieun nista ku pangawasa nu sarakah tur hina..
Aya Nagara di Jero Nagara. Nagara bebas ngancurkeun Akidah Rakyatna. Kabeh ajaran Asup ngababibuta. Akidah kosong ditinggal sukmana..
Demi ideologi sesat penguasa, Propaganda jahat dibuat keur ngancurkeun agama...
Aya Nagara di Jero Nagara. Nagara ngagiring rakyat jadi babu di tanah karuhunna.. Nagara ngundang gegeden ti luar sana keur nyeuseup getih jeung saripati nagara.
Demi titel jeung harta, Nagara tega ngeruk hak dasar rahayatna..
Aya Nagara di jero Nagara. Nagara ngabebaskeun buta asup kana manah rakyatna.. Buta bebas ngancurkeun optimisme bangsa..
Demi singgasana jeung mahkota, Nagara ngawadalkeun rakyat ka Buta durhaka..
Aya Nagara di Jero Nagara. Nagara ngawut-ngawut asa rahayatna.. Ekonomi rakyat dipaksa disaruakeun jeung dunya. Akhirna rakyat sangsara ngorbankeun kahirupana..
Aya Nagara di Jero Nagara..

Tidak ada komentar:
Posting Komentar